Minggu, 14 Oktober 2012

Conto Biantara Tema Lingkungan


Assalamu’alaikum Wr. Wb.
Bapa Kepala SMP Negeri 2 Bandung, Ibu miwah Bapa Guru sarta sadaya Staff Tata Usaha nu Sim Kuring dipihormat, sadaya rerencangan nu Sim Kuring dipikacinta sarta sadaya tamu ondangan nu ku Sim Kuring dipihormt. Langkung ti payun, urang panjatkeun puji sinareng sukur ka hadirat ilahi rabbi nu mana kalayan hidayah-Na, urang sadaya tiasa ngempel dina kasempatan ieu. Oge teu hilap solawat sarta salam ke jungjunan urang Nabi Muhammad saw.
Maksad Sim Kuring dina kasempatan ieu teh bade nerangkeun pentingna miara kabersihan di sakitar urang. Hadirin pasti geus henteu aneh nguping warta ngenaan eusi walungan nu mudal kusabab reana sampah di walungan eta sarta warta ngenaan program ‘Kali bersih’ nu keur gencar gencar na dilaksanakeun ku Pamarentah.
Tina kadua warta nu tos Sim Kuring sebatkeun tadi, urang tiasa nyimpulkeun yen eusi walungan mudal disababkeun ku reana sampah, sarta urang tiasa milu mantuan ngurangan reana sampah dina eta walungan ku milu ngalaksanakeun program ‘Kali Bersih’. Naon sih program ‘Kali Bersih’ teh? Program ‘Kali Bersih’ teh nyaeta program pikeun ngabersihan susukan susukan sarta walungan walungan nu rea ku runtah sangkan eusi walungan henteu mudal deui nepi ka nyababkeun banjir.
Tah, ari tos terang program ‘Kali Bersih’ sarta tos aya kasadaran pikeun miara kabersihan mah hayu urang milu ngalaksanakeun program ‘Kali Bersih’ ti Pamarentah! Salain eta, yu urang biasakeun miceun runtah dina tempatna! Sangkan euweuh deui runtah dina walungan nu nyababkeun mudal na eta walungan.
Mung sakitu ti Sim Kuring. Mugi aya mangfaatna pikeun urang sadaya. Hapunten bilih aya kalepatan.
Wassalamu’alaikum Wr. Wb.

2 komentar: